Rabu, 22 Februari 2017

Aprésiasi Carpon - B. Sunda

A. Mikaweruh Perkara Carpon
Carpon téh singgetan tina carita pondok, nyaéta karya sastra anu diréka dina basa lancaran (prosa) kalawan ukuranana pondok. Mimiti sumebar dina sastra Sunda, basa aya carpon anu dimuat dina majalah Parahiangan, taun 1920. Dina taun 1930, medal buku kumpulan carpon munggaran, nu judulna Dogdog Pangréwong karya G.S.
Buku-buku kumpulan carpon diantarana: Carita Biasa karya R.A.F. (Rahmatullah Ading Affandi), Papacangan karya Rusman Sutia sumarga, Néangan karya Caraka (Wiranta), Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana, Diwadalkeun ka Siluman karya Ki Umbara, Halimun Peuting karya Inskandarwassid, Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata, Jiad Ajengan karya Usép Romli H.M., Ki Merebot karya Ahmad Bakri, jeung Murang-Maring karya Godi Suwarna.
Unsur-unsur nu ngawangun carpon, diantarana:
1. Tema
2. Palaku
3. Latar atawa sétting
4. Galur atawa plot
5. Amanat

  • (Sumber : Buku Simpay Basa Sunda kelas 3, Diakses tanggal 22-02-2017)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar